Rabu, 20 Juni 2012

Syairan santri

Syairan Santri

Duh angin nu ngahiliwir sampai keun salam sim abdi
ieu syairan insani nu meuncintai ka santri

nu geulis ka bina bina ngagoda mata jeung raga
lalakon dua manusa nu awalna mikacinta

kahalang ku cita2 tah ieu teh lalakona
 hiji mangsa dinten jum'at, abdi pamit bade angkat

nyiar elmu nu mangfaat, supados luhur darajat
 abdi teh di pamondokan, nganinggalkeun ka rinduan

di pisah ku kajauhan, cinta butuh pangorbanan
 tos lami henteu pa tepang, sareung anjeuna tersayang

anjeun pendak jeung pamuda, kasepna kawas biduan
 duh gusti abdi sengsara, mencintai ka anjeuna

cinta abdi saleresna, di anggap cinta nurjana
 duh gusti abdi tulungan, hate nuju kanyerian

istri nu janten pilihan, di rebut pamudalian
dahar abdi teu mirasa, sare abdi henteu tibra

raga abdi rasa lera, sebab ngemutan anjeuna
 soca ngalirkeun ci mata, abdi kawas jalmi buta

emutna sebabna cinta, akhirna jadi nalangsa
 ieu serat janten hasrat, tulisan wawakil lisan

jeung kertas nu janten tugas, tur mangsi nu janten saksi
 mugi gusti ngawidian, ngagentos kanalangsaan

hilangkeun ka peurhatian, di gentos ku kabingahan
margi mungkulkn ka gusti, sim abdi masrahkeun diri

tina setan sareng jalmimugi mungkulkn ka gusti